Jawaban:
Biografi nyaeta carita atawa katerangan ngeunaan kahirupan hiji jalma. Sanajan biografi teh mangrupakeun carita ngeunaan kahirupan hiji jalma, eusi biografi teh henteu ngan saukur informasi ngeunaan tanggal lahir atawa pagawean hiji jalma wumgkul, tapi eusi biografi oge nyaritakeun ngeunaan kajadian anu dialaman ku eta jalma, sarta rarasaan anu kaalaman ku eta jalma dina unggal kajadian nu aya.
Kusabab biografi teh ngabogaan eusi anu lengkep ngeunaan kahirupan hiji jalma, biografi pikeun jalma anu dicaritakeun dina eta biografi teh bisa dijadikeun dokumen atawa catetan penting anu sawaktu-waktu diperlukeun. Umpama jalma anu dicaritakeun dina eta biografi teh mangrupakeun tokoh penting, tangtu eta biografi teh mangpaatna gede pisan, diantarana eta biografi teh bisa dijadikeun catetan sajarah, bisa dijadikeun referensi pikeun anu merlukeun, bisa dijadikeun picontoeun jeung sajabana.